Selasa, 03 Desember 2013
Kawas Lain Kadulur Banyolan Sunda
Kacida atoheun nana sabab ti tengah peuting keneh geus pangseng hayang nindihan bojona, ngan kahalangan ku mitoha anu mondok diimah, matak manehna kajeun siskampling wae tibatan kudu sangsara diimah nahan kahayang anu kahalangan ku mitoha.
Basa keketeyepan abus ka kakamarna, Jumsa teu loba omong, bari jeung rada poek maklum listrikna ngan 5 watt, manehna morosotkeun samping bojona.
Bangsa Jumsa geus beres nemonan bojona, tuluy rek ka cai ngumbah parabotna, ngaliwat kadapur aya nu nanya ” Geuning tos mulang kang, mani teu kadangu asupna”.
Gebeg Jumsa kaget, da geuning anu nanya teh pamajikannana, anu disangka ku Jumsa mitohana. Jumsa teu ngajawab , kalah ganjang balik deui kakamarna bari tuluy ngaharewos ka mitohana ” Geuning ema, sugan teh nyai, atuh kuring kudu mayar ”
Bari menerkeun samping, mitoha Jumsa nembalan ” Aaaah ari ujang kawas lain kadulur wae”.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar